Saturday 7 November 2015

Unsur Intrinsik dan Sinopsis Novel Baruang Ka nu Ngarora

Baruang Ka nu Ngarora
v  Pangarang       : D.K Ardiwinata
v  Panerbitna       : Rahmat Cijulang
v  Tema               : ngahasut atawa baruang

v  Latar                :
1.     latar tempat     : dibumina nyi piah,ujang kusen,aom usman,abdullah,
                              didesa nyi piah sareng ujang kusen tinggal,sareng di kebon kopi
2.     latar waktu      : sakabehan waktu aya
3.     latar suasana    : bungah,sedih,tegang,emosi
v  Galur               : maju
v  Sudut pandang            : urang katilu serba nyaho
v  Gaya basa        : ngagunakeun bahasa sunda halus
v  Palaku             :
1.      Nyi Rapiah                                   
2.      Ujang Kusen
3.      Aom Usman
4.      Haji Abdul Raup
5.      Istri haji abdul raup
6.      Haji Samsudin
7.      Istri haji samsudin
8.      Haji banisah
9.      Nyi dampi
10.  Agan ali
11.  Abdullah
12.  Haji Tayib

v  Amanah
Sing jadi jalma teh tong gampang di hasut ku urang lain,sok boga pendirian nu kukuh sareng nyerahkeun diri ka nu ngabogaan hirup.

Sinopsis
Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina haji abdul raup meuni rame pisan,kulantaran anakna nyaeta nyi rapiah rek di lamar ku ujang kusen. Teu lami nyi rapiah jeung ujang kusen akhirna nikah. Kulantaran maranehna rek mandiri sareng teu ngarepotkeun kolotna,maranehna pindah ka hiji desa nu jauh tina desa kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku ceurik kulantaran nyi piah teh teu bisa jauh sareng kolotna,ema na nyi piah nyengceurikan nyi piah supados nyeungcerikan anu maot. Akhirna nyi piah sareng ujang kusen nepi ka desa di deket gunung nu jauh timana – mana. Nyi piah tinggal diditu teu pibeutaheun pisan,kulantaran manehna teu biasa tinggal di tempat nu jauh timana – mana ditambahan diditu nyi piah jauh ti kahidupan mewah nu biasana manehna jalankeun.

Tiba tiba dina hiji waktos nyi piah ngarasa tos teu betah pisan tinggal di imah eta,akhirna nyi piah kabur sareng abdullah bade ka imah kolotna. Singket carita nyi piah sareng ujang kusen teh papisah anu akhirna nyi piah nikah ka aom usman lalaki nu dipicinta nyi piah,tapi teu lila nyi piah di candung ku aom usman,ceurik weh nyi piah kulantaran nyesel ninggalkeun ujang kusen demi aom usman. Tapi nyi piah teu bisa naon naon kulantaran tos jadi takdirna manehna di candung. Sami jeung nyi piah,ujang kusen ge jadi jalma nu teu bener senggeus papisah jeung nyi piah,sok maen awewe jeung ngadu,akhirna kulantaran sikapna nu kos kitu ujang kusen di bui.

14 comments: